Thursday, August 8, 2013

ucapan lebaran bhs sunda

Wilujeng boboran siam 1434 H....ka sadayana di mana wae ayana ngahaturkeun wilujeng boboran siam, neda dihapunten sadaya kalepatan ti lahir tumekaning bathin. Wilujeng boboran siam 1434 H....nyuhunkeun di hapunten samudaya kalepatan Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran siam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin. Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit hate, balik diri kanu suci. Hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. wilujeng boboran siam. Dipenghujung Ramadhan ini saya sekeluarga mengucapkan : wilujeng Boboran Siam 1434 H. Wilujeng boboran Siam 1 Syawal 1434 H, hapunten kana sadaya kalepatan anu alit atanapi anu AGEUNG, anu dihaja atanapi nu teu dihaja. Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipilampah, wilujeng boboran siam 1434 H Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun, neda hapunten pribados sakaluargi..wilujeng boboran siam 1434 H. Kuring neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur heureuy, manusa mah teu tiasa lumpat tina kalepatan jeung kakhilafan. wilujeng boboran siam 1434 H - See more at: http://mbahkakhung.blogspot.com/2013/08/ucapan-lebaran-bahasa-sunda.html#comment-form

0 comments:

Post a Comment

◄ Posting Baru Posting Lama ►
 

Blogger templates

Copyright © 2012. valenza.com - All Rights Reserved B-Seo Versi 5 by Blog Bamz